Selasa, 26 Juni 2012


Duh jungjunan

kuring Pang jadiken cempor
Jang dina jiwa anjeun
Keur nyaangan salilana
Ngarah hate kuring jang
Nu ngajaga kalbu anjeun

Ulah nepi ka aya
Rasa kamang mangan
Pancegken hate anjeun
Jang nyaangan kuring
Sobat senang jeng susah

Pang yakinkeun katresna kuring
Iwal keur anjeun jungjunan..
Pang jadiken kuring halimun
Dina waktu janari letik

Jang nu ngahudangken
Dina waktu sare anjeun ..



~~Melak katresna~~ 



Sajeuroning mika sono
Kuring ngalukis endahna
Ngaran jeung rupa anjeun
Dina Jeuro iuhna jiwa

Kuring meulak katre'sna
Dina jeuro sanu'bari anjeun
Natra eces dina jeuro hate
Dina sajeuroen mika sono

Kuring ngahariring lagu
Kasono jeung katresna
Ngan ukur jang anjeun
Galura katreusna nu ngagumuruh

Di sajeuroeun kalbu
Jadi hariring hariring endah
Dina satiap renghap napas
Ngan saukur jang anjeun..






Heri Mukti




,,,Ros Beureun,,,
Kembang ros beureum
Anu hegar ligar di taman
Nyambuang minuhan hate

Dise'se'p di ambung le'le'b
Hatur keuneun jang jungjunan
Geura tampi kuanjeun

Ieu kembang kaasih
Kembang katresna
Geura ambung jungjunan

Seumatkeun dina rambut
Anjeun anu panjang
Tanda tineung kaheman

Ti akang nu midangdam
Anjeun siang jeung wengi..
Duh jungjunan hate..
,,,Heri Mukti,,, 


~~Ambon Sorangan~~




Geuning salila ieu horeng
Kuring teh ambon sorangan
Mika cinta saukur ka kalangkangna
Katre'sna kuring ka manehna 
Ngan jadi bangbaluh jang anjeun

Kuring sadar salila ieu
Kuring geus bose'n ngan ngagugulung
Kalangkang jeung le'le'mbutan anjeun
Susuganan tuh diditu handapeun

Curug ka kaheman masih aya sesa
Kacinta anu tinggaleun 
Jeung kalangkang anjeun
Jungjunan.....

~~heri mukti~~