Jumat, 06 April 2012

*-Jeroning Rasa-*


Di jeroning rasa
Hate kabincang ku kasepi
Hate leutik katirisan
Jiwa karasa beuku


Musnah lengit kabagjaan
Ngajadikeun hate linglung
Nete poe anu samar
Pinuh ku kakosongan


Taneuh anu di tincak
Karasa beuki barejad
Di papaes ku cucuk jeng
Pinuh ku karikil seket


Ibarat sesa remukna hate
Anu pabalatak paburisat
Jeung nepi ka ayena
Kuring masih lalanjung


Hese neangan tempat
Pikeun nitipken hate
Nyangsangken raga
Jeung katresna...

Heri Mukti P.I.Ap 2012