Selasa, 27 Maret 2012

*** Nyawang Langit ***

Basa nyawang langit katinggali 
Bentang bentang anu ngampar
Baranang cing kariceup
Caricingna naretep maratuh
Tara patukeur jeung batur

Hiliwir angin peuting 
Ngadaling'ding mawa asih
Mawa kasono nu manteng
Lelembutan ngapapang 
Kumalayang kakalayangan

Ngambah poekna peting
Nembus lalangse hate
Seja neang impian 
Nu geus lawas tilem
Leungit ka dasar lalakom 

Ayeuna urang geus pajauh
Anu hamo bisa di guar deui
Kiwari geus dirurub ku 
Hujan kalakay,,pileleyan..

Heri Mukti Bandung 2012

Minggu, 25 Maret 2012

*^* Mega Bodas *^*


Mega bodas anu nyacas
Ka sebrot layung hurung
Jang jang peuting mimiti
Ngapak ngarungkup beurang


Haleuang sora gaang 
Hariring dalingding peuting
Nganterkeun lelembutan 
Nganjang kana impian 


Anjeun bieu nembongan 
Mere imut sajorelat 
Sanajan ngan dina impian
Teuwelah hate kabengbat


Susuganan dinten ieu 
Salira ngalangkang deui
Nembongan sanajan 
Dina jero lamunan 


Duh jungjunan sanajan
Anjeun ges aya nu boga 
Tapi ka heman tetep 
Manteng jang anjeun


Heri mukti P.I Maret 2012
  

Jumat, 23 Maret 2012



**Jungjunan**

jungjunan....
Hampura mun diri anjeun
Ka gerih ku pucuk harepan
Nu teu surti kana kanyaah diri

Nu teu daek ngarti
Kana rasa nu sumarambah
Sumerep kana bayah 
Sumeleket kana hate

Ngangkleung palid
Malidkeun jati diri
Jeung ka nyaah 
Gening teu di kawitan

Jeung teu di pungkas
Ka cinta jeung kanyaah
Sirna teuing kusaha 
Teuing kamana.... 

Heri Mukti 23/03/2012

Kamis, 22 Maret 2012

  *~*Ibun janari*~* 

Ibun janari geus garing
Panceran panon poe geus ngajadikeun
Dang daunan garing karoneng
Panon molotot neutep langit

Ngaleupas keun hate nu kingkin
Ayeuna urang bisa seuri
Ninggali dunya nu pinuh ka endahan
Saenggeus sakielila hate nalangsa 

Akibat kaasih nu beuki sirna
Ayeuna urang bisa bungah
Hirup babarengan jeung
Jalma jalma nu di picinta

Saengges jiwa ieu tunggara
Jumerit jeung kasiksa
Kuring ngarasa syukur

Seneu ka cinta teu ngaleburken hate
Ayena urang hayang hirup deui
Neangan harti cinta nu sajati

*~*Heri Mukti*~*
-*- Rasa jeung kuciwa-*-

Nalika hate geus kasirep
Ku rasa jeung kuciwa
Kanyaah tetep manteng jang anjeun

Kajeun teuing gudawang karasa pisan
Tapi hate tetep mikanyaah jeng mikasono
Jeuro ucapan pinuh kusurti

Saliwat ngamasalahken harepan
Jang nungguan jeung kasono
Nyaeta arti kaheman jero kalbu
Tungkul sumerah jang anjeun

*H,M*22/03/2012*

Selasa, 20 Maret 2012

~~* Salira emut kasaha *~~

Peuting ieu salira aya di mana
Peuting ieu salira emut kasaha
Ayanu geus tilem dina ngambah
Lalakon urang katukang

Anu sirna diteureuy mangsa
Duriat anu ngan sakolepat
Hamo bisa di balikan deui
Peuting ieu kuring teuwalakaya

Nandangan kingkin ati
Nandangan ka sona diri
Anu hehte aya ubarna
Ting korondangna harepan

Mapay mapay lalangse peuting
Ngambah jomantara nembus mega
Peuting ieu susugana anjeun 
Emut ka diri abdi

Peuting ieu susugana anjeun datang 
Sanajan sakotepat dina impian

~~*Heri Mukti..Cigereleng ..Maret 2012*~~

Minggu, 18 Maret 2012

*** Miharep ***


Duh jung junan ati
Naha aya anjeun didinya
Naha daek anjeun marengan
Dina waktu hate jeung pikiran 
Keur aya dina kasusahan


Duh Jung junan ati
Naha anjeun ngarasa
Kana katunggaraan hate
Anu salilana miharep 
Kana kanyaah anjeun


Mereun anjeun ngan ngagugu
Kana kereteg hate anjeun sorangan

Mereun anjeun ngan butuh awak 
Tapi anjeun moal ngarasakeun 
Dina jero sagala katunggaraan kuring


Kuring jalma taya ka boga 
Kuring ngan saukur beubeugig
Anu keur miharep kasatiaan anjeun
Anu moal miharep nanaon deui
Ngan saukur daek narima kuring saayana


Heri M..Pas Im..Maret 2012.

*=*Kukupu hiber teunangan*=*


Kukupu hiber kumalayang
Bari mawa hiji harepaan
Lelembutan mapay lamunan
Kalayang hiberna handap


Nembus ibun nyukcruk alam
Rek ngaluarkeun kahayang
Nu ges diteureuy carita katukang
Susuganan bisa di teang deui


Hiliwir angin ngaliwat bari mawa
Kalangkang beubeureuh 
Nu endahna malih rupa
Nu teweleh sumeleket na hate


Kukupu hiberna teunangan
Sa engges manggih beja 
Beubeureuh di teureuy taneh
Nangtungge asa lalanjung 


*=*Heri mukti.PI.19/03/2012*=*

Sabtu, 17 Maret 2012

**~* Tarate anu ligar *~**


Tarate anu mangprak ligar di empang
Hujan ngaririncik ninggangan tarate
Tarate cing aroyag cing gugupay
Nambahan kaendahanana tarate


Ari ras kana diri teuweulah di nyenyeri
Nu di pika cinta malah mulang ku codeka
Nu di pikanyaah malah mulang ku katugeunah
Nu asih di pulang sengit,teungteuingen jungjunan


Sanajan nepika paeh ngabale bangke
Rap ku padung dirugrug ku lemah
Tapi ka cinta,kaasih jeung kanyaah
Moal erek laas jeung luntur


Duh kembang tarate sanajan katinggangan 
Ku hujan jeung angin anu gareude
Anjeun tetep hegar di empang


Heri Mukti:BKR:17/03/2012

Rabu, 14 Maret 2012

*~*Hiji Harepan*~*


Kuring leumpang dina jalan satapak
Anu renjul nanyjak jeung mudun 
Rek ngajugjug hiji lawang pangharepan
Anu pinuh ku kaendahan jeung kabagjaan


Mega hideung pating surungkuy
Di papaes ku hujan ngaririncik
Bang baluh dina hate hese lepasna 
Teuteupan surem kahareup 


Bari jeung cai mata anu ngembeng
Lamunan anu ngalayang kakalayangan
Lir jajamakan anu lepas kapakan
Ngumbul jauh luhur ka awang awang


Sanajan anjeun terus nyodekaan cinta
Sanajan anjeun terus nga nyeunyeuri
Duriat moal erek pegat
Ka nyaah moal erek lepas


Kaasih moal erek luntur
Demi hiji harepan hirup
Rukun pinuh ku kabagjaan 


*~*Heri Mukti *~*Maret 2012*~*
     *** Hate Tenang ***

Duh hate anu tenang 
Ngahiji eujeung alam
Ka endahan alam anu agung
Teuweleh nyaangan  sapopoe

Nenangken jiwa jeung rasa
Hate ieu ngan milik anjeun
Pang ngajakkeun manehna
Ngarah kuring teu kajong'jonan

Ka jong jonan tina kakuatan cinta 
Anu teuweuleh mere gogoda
Anu cucukna osok mere tatu
Antepkeun bari ngarasaan katenangan

Ayeuna geus di kubur carita hieum
Rek ngukir ka endahan mapag poe
Bareng jeung caangna srangenge
Bari jeung segerna hawa isuk isuk
Kuring hayang salilana hate tenang

          **** Heri Mukti**Maret 2012**** 
** Hujan Gogoda **

Ka cinta tetep nyaliara
Ka deudeuh tetep pageuh
Ka asih semeleket dina hate
Ka nyaah semarambah dina bayah

Sanajan hujan ku gogoda
Sanajan caah ku tunggara
Sanajan rembes ku cai mta 
Moal erek ngarasula 

Asal anjeun tetep satia 
Panceug dina kasatiaan 
Jauh tina sulaya 
Kuring tetep erek mika cinta
            **********

Heri mukti P I. 14/3/2012

Selasa, 13 Maret 2012


Teuteup jeung imut

Lebah pertelon pasosore aya teuteup jeung imut
Teuteup nu matak nembus jajantung
Imut nu ngelet matak nyeredet kana hate
Di lebah dinya rasa sono patepung deui

Lebah pertelon silih teuteup ku ka deudeuh
Lebah pertelon silih baledog imut ka asih
Lebah pertelon silih patarema kaanyaah
Lebah pertelon silih mantengkeun katresna
Lebah pertelon teuteup jeung imut anjeung matri dina ati

Teuteup jeung imut nu eta moal bisa ditepungan deui
Geus kalimpudan ku waktu

Teuteup jeung imut nu eta geus ngancik dina ati
Anu moal bisa leungit deui

Dina waktu ieu
Dina waktu ieu kuring nulis sair
Bari rek ngabayangkeun anjeun
Kahayang hibeur luhur jauh ka jomantara 

Ninggalkeun dunya jeung kalangkang anjeun
Anu salilana teuweleh kumalangkang 
Dina hate jeung dina kahirupan 
Waktu ieu kuring hayang tenang


Rek ngabayangkeun diri anjeun
Nembus waktu jeung tempat
Nyambuang ka awang awang
Galura rasa ngaleungitkeun 


Mangjuta juta kaendahan
Kuring embung buru buru 
Kalengitan kalangkang anjeun...




































Heri Mukti,,Pebuari 2012..












~~~Bulan~~~
Sanajan bulan tumunggal

Caangnamah bati nu hegar

Bangun nu teu ngemu tunggara

Sanajan bulan nyorangan 

Teu risi ngambah sagara peuting

Nganti bentang nu baris mareungan

Nganteur nyorang simpena peuting 

Nepi ka balebat nyampeur

Nyinglarkeun ka hieum ati

Nu keur lara tunggara 
Harepan


Angin sore anu ngahiliwir
Ngusapan ngupahan
Jeung mere harepan 


Pucuk pucuk angsana 
Aroyag pating gugupay
Kateubak ku angin katreusna


Duh layung koneng 
Pang nepikeun ieu rasa
Ka deudeuh ka treusna 


Ka bebene pamepes hate
Harepan tinggal lamunan
Lamuna anu hamo jadi kanyataan....

~* Kakuatan Kuring *~
Sanajan anjeun mere kanyeri 
Anjeun nurih bohak jeung tatu
Kuring masih bisa panceug 
     Sanajan anjeun mere bangbaluh
     Bangbaluh nu nindihan sanubari
     Kuring masih bisa kuat
     Sanajan anjeun nusukeun balati
Nepika caimata teu kabendung
Ngucur maseuhan pipi 

Kuring moal erek unggut kalinduan 
     Sanajan hujan cocoba narajang 
     Sanajan ngeundeukeun kaadigungan 
     Kuring kudu lumpat
     Ninggalkeun ka tunggaraan
Sanajan anjeun motongkeun 
Jang'jang jeung suku
Kuring erek hibeur jauh ka awang awang
Nepika beak sakabeh katunggaraan.. 
~Ibun Harepan ~


Kamari rundayan katineung 


Rek di pelakkeun


Bongan mawa eurih


Nungageuri kana ati


Ngabudalkeun kingkin


Jeung rambisakna rasa


Tadi ...


Kunaon salira ngarindihan deui


Mawa ibun sanajan sakeclak


Nu nyirungan deui katineung 


Nu ngahaja rek di singlar


Duh gamparan nu, guligahna rasa


Hamo bisa di sideum deui..


Peureumkeun Panon




peuremkeun panon anjeu 

Antepkeun leuleumbutan kumalayang
Nyukcruk dunya dina tungtung hareupan
Ngalengkah di dunya lamunan


Rabeung carita di jaman baheula
ka peuyeum jauh di jeuro kalbu
Kaluarkeun kahayang anu geus lawas
Tong di pimeulang carita nugeus leungit


Dina dampal anu hamo bisa nyeukeulan 
Nyukcruk dunya anu leungit
Dipisono ngan hamo ka panggih
Ngalunturkeun impian nugeus di teureu ibun


Di tungguan anu hamo datang
Jumeurit dina jeuro sare nu dipapaes
ku teungeunah cicing
Jeung di mahkotaan  kucai mata kaseudih


Jadi sandiwara di jeuro ngimpi
Kajeun teuing nu maena urang sorangan 
Di teureuy ku alam impian anu tiiseun..

Heri mukti
Januari.2012

Huhujanan ti peuting



Kuring leumpang bari huhujanan
Dina jero poekna peuting

Neang bayangan anjeun

Tapi bayangan ajeun teu kapanggih

Dimana anjeun jungjunan ayeuna 

Anjeun sirna di balik mega 

Nyireup awang awang 

Hibeur luhur kakalayangan

Diantosan anjeun didieu 

Sanajan hujan maseuhan diri 

Kusabab anjeun geus janji pasini 

Rek datang neupungan kuring

Kusabab anjeun di pihareup pisan 

Neupikeun ka teubisa di popohokeun

Geura datang jungjunan di teumpat ieu

kuring reksatia ngantosan 

Neupika peuting ganti ku beurang ..


~Bebene pamepes hate~

oleh Heri Mukti pada 10 Maret 2012 pukul 13:47 ·
Jeuntreng kacapi hate
Haleuangkeun geuteur kalbu
Iigeulan dina rohangan jiwa
Dina waktu anjeun ngeusian poe

Waktu kuring nyorangan di teumpat sepi
Anjeun pangupah lara
Kuhayang anjeun kapimilik
Jol anjeun datang dina lahunan

Kalangkang anjeun terus iigeulan
Ngeusian rohangan hate
Mere kateunangan
Anjeun bebene pamepes hate

Anjeun beulahan jiwaAnjeun ka cinta diri
Anjeun kabanggaan kalbu
Prak geura jadi taman dina ati

Hayu urang leumpang babareungan
Dina jalan kahirupan
Duh bebene pamepes hate..